welcome itu selamat datang
di blog anggawedhaswhara
untuk mengunjungi websitenya,
silahkan scan QR-Code berikut

whatyourart

enter itu masuk

Tuesday, April 14, 2009

Neng Nurul jeung Bubur Mang Odon

Isuk harita kuring inget boga jangji jeung Neng Nurul, rek ngajak manehna jajan bubur Mang Odon hareupeun Stasion Andir. Cag, kuring nelpon langsung ka manehna. Kusabab ieu jangji teh geus leuwih ti 2 minggu. Sanajan panon tunduh jeung awak rada sing sariak kuring maksakeun jang nyumponan jangji ka manehna.

"Bisa bicara dengan Nurul", ceuk kuring balaga make basa Indonesia sagala. Jeung pan kuring teh nelepon kana henpon, geus barang tangtu manehna nu ngangkat. Tapi bisa oge lain.

"Sareng saha nya?" sora Neng Nurul halimpu kadengena.

"Sareng aa.."

"oh, muhun a.. kumaha? kamari tos katampi tacan uleman teh? punten teu ngantosan heula, da ata geuningan pun biang tos neleponan wae, hawatos sapertosna mah. umaha aa tiasa sumping? moal sesah da a tempatna mah. sanes aa tipayun kantos ngajajap eneng kaditu panan?", ceuk Neng Nurul terus we baceo jiga nu teu make ngarenghap.

Puguh we kuring bingung, sok kuring nanya ka anjeuna.

"uleman saha? tempat naon? ngajajap kamana?"

"hhh?"

"muhun neng, aa teu ngartos yeuh.."

"na ieu sareng a rahmat sanes?"

"beu, ieu mah sareng a dudung neng..."

"ah, sia dudung! kehed! sugan teh saha?! babalagaan make aa sagala.. naon?! isuk-isuk geus nelepon kuring..", sora neng nurul dumadak jadi ngagoak. galak.

"naha teu meunang kitu kuring nelepon?", kuring teu eleh geleng ku manehna.

"nya henteu... asa araraheng we, isuk-isuk kieu maneh nelepon... aya naon?" sora neng nurul ngalaunan ditungtungna.

"adeuk moal dahar bubur teh? buru geura hudang. kuring jemput hareupeun imah ayeuna. buru. tong nepi kuring kudu nungguan lila"

******

kacaritakeun kuring jeung neng nurul geus nepi di tukang bubur.

"bubur naon?", tanya kuring teu penting pisan.

"nya bubur hayam lah.. emang aya bubur kacang didieu? ataw bubur kertas meureun aya nya?", ceuk neng nurul rada calutak.

"maksad aa teh, ingkang rayi palay bubur naon? spesial? telor? ati ampela? atanapi biasa?"

"pami sia?"

"eta nyarios neng... ulang ngangge "sia" atuh.. aa, kituh..."

"enya... aa.. aa sia.. hehe", ceuk neng nurul bari nyerengeh.

"eta nya... awon neng.. bade naon atuh?", kuring rada ngelemesan.

"nya, eta wehlah.. bubur kertas.. tong lada teuing..."

"nya! montong dihereuykeun.....", ceuk kuring rada ambek.

"mangga atuh, bubur hayam ati ampela tong dimangkokan mang", ceuk neng nurul bari noel ka nu dagang.

"abi ge mang... tong dibuburan..", ceuk kuring kagok edan.

si emang ngan saukur seuri we. maklum, da kuring geus biasa dahar bubur didinya. kitu oge neng nurul. ngan can pernah babarengan saacanna, ieu mimiti pisang kuring dahar bubur mang odon paduduaan jeung awewe. nya katempo Mang odon ge rada aheng nempo kuring sakitu akrabna jeung neng nurul. ngan, kuring teu ngarasa kudu loba cumarita ka mang odon.
[]

MEGAWATI TEU SUDI DIGEROAN SBY!

Sababaraha waktu katukang Indonesia di genjlengkeun ku sisindiran politik antara Megawati Sukarno Putri jeung Presiden SBY. Nepi ka aya nu nyarita ka kuring yen Megawati teu sudi pisan-pisan mun kudu digeroan Pa SBY.

Cag kuring mule ngira-ngira, naon sababna Ibu Megawati Sukarno Purti teu sudi di geroan ku SBY. kuring nanya ka eta nu nyarita naon sababna Megawati teu sudi di geroan Pa SBY.

Nya baturan kuring ngan nyarita kieu,"Aya 2 alesan nu jadi sabab. Kahiji manehna awewe, teu mungkin hayang digeroan bapak. Kadua, ngaran manehna Megawati lain SBY. Jadi manehna teu sudi pisan-pisan digeroan "Pa SBY". Hayangna digeroan "Ibu Megawati" we cukup, ataw ngarah leuwih akrab mah "Mbak Mega" kitu"

"Koplok!", ceuk kuring bari tuluy ngudud.


slipi, satu hari sebelum pemilu 2009
anggawedhaswhara

Related Posts with Thumbnails